SAPERTI WUKUF DI
ARAFAH
KU : DR. KH ABUN BUNYAMIN,
MA*)
لاَاله الاالله والله اكبر الله اكبر ولله الحمد الله
اكبر كبيرا والحمد لله كثيرا وسبحان الله بكرة واصيلا لاَاله الاالله وحده صدق
وعده ونصر عبده واعز جنده وهزم الاحزاب وحده
الحمد لله الذي انعم علينا بيوم العيد وعلينا ان نكثر
التكبير والتسبيح والتهليل والتحميد
أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلهَ إِلاَّ الله الْوَاحِدُ
الْقَهًّارُ، وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّدً عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ النَّبِيُّ
الْمُخْتَارُ، صَلىَّ اللهُ عَلَيْهِ وَعَلىَ آلهِ الْمُهَاجِرِيْنَ
وَالْأَنْصَار.اللهم صل وسلم على سيدنا محمد رسولك ونور كونك الكريم وعلى اله
وصحبه صلاة وسلاما دائمين متلازمين الى يوم معلوم اما بعد
يَا أَيُّهَا الَّذِيْنَ آمنُوْا، إِتَّقُوْا اللهَ
حَقَّ تُقاَتِهِ وَلاَتَمُوْتُنَّ إِلاَّ وَأَنْتُمْ مُسْلِمُوْنَ
اعوذبالله من الشيطان الرجيم انااعطيناك الكوثر فصلّ
لربك وانحر
Puji nu maranti
urang sanggakeun ka dzat anu maha suci yakni Allah Robbul izzati, Puja nu jadi
pangias rasa urang sanggakeun ka dzat anu maha kawasa yakni Allah Azza
wajalla,di pirig ku galindeungna dua kalimah syahadat, hamo lunca linci luncat
mulang udar tina tali gadang mugia urang sadayana tiasa tetep renggenek lan
istiqomah dina enggoning Ta’at ka dzat anu nampi Tobat.
Shalawat miwah
salam mangrupikeun hiji do’a nandakeun kadeudeuh tur kameuemeut ka jungjungan
urang sadayana anu pang nyongclangna sa alam martapada, sok sanaos rebuan taun
tos teu aya sengit ngadalinding keceluk ka awun awun katenar kajumantara
Hadirin sidang idul adha anu mulya
Khotib wasiat ka
diri pribadi sareng ka sadayana kaum muslimin wal muslimat supados ningkatkeun
kualitas ka imanan jeung kataqwaan ka Allah SWT, sabab ku dua jalan eta Insya
Allah bakal menang kabagjaan di dunya jeung di akherat.
Allahu akbar 3x
Pidawuh Allah dina al-Qur’an
واذن فى الناس بالحج ياتوك
رجالا وعلي ضامر يأتبن من كل فج عمبق ( الحج 27(
hartosna“Jeung kudu ngagero andika he Ibarahim ka jalma-jalma pikeun ngalaksanaken ibadah haji, tinangtu maranehna bakal datang ka andika kalayan laleumpang jeung naek onta nu daratang ti sakuliah tempat anu jauh” (Q.S. Al-Hajj : 27)
Allahu akbar 3x
Ku ayana panggero Nabi Ibrahim AS,
dulur-dulur urang tiasa ngalaksanakeun ibadah haji, poe kamari parantos
dugi kana puncakna nyaeta wukuf di arafah. Kangjeng Nabi Muhammad Saw. parantos midawuh,
الحج عرفة
hartosna: “Haji teh wukuf di arafah”
saestuna inti tina amaliah ibadah haji nyaeta tumetep di arafah, nyaeta tempat
anu dicalikan kamari ku jama'ah haji, arafah asalna tina kalimah “arafa”
hartina nganyahokeun dina hate sacara pasti jeung mantep. Jalma anu wukuf kudu
nganyahokeun sacara pasti jeung mantep, bari henteu galider, luyu jeung harti kalimah wukuf nyaeta tumetep
tur ajeg, kukituna kanu keur wukuf di ditu atawa anu “wukuf” di lemburna kudu
ngayakinkeun yen :
1. Anu nyiptakeun urang jeung alam samesta nyaeta Allah,
Allah anu miara jeung anu ngatur,
2. Kedah terang yen urang teh salaku mahluk anu lemah,
bodo, miskin teu ngagaduhan daya jeung
upaya,
3. Urang kedah terang yen Allah anu nyiptakeun manusa
salaku mahluk anu paling mulya ku sabab ngagaduhan akal jeung agama,
4. Urang kudu terang kana tugas urang di dunya ieu teh
naon jeng nepika iraha,
5. Sadaya jama’ah kalebet urang, kedah terang yen urang
seueur dosa, boh ka Allah boh ka manusa utamana ka guru jeung ka ibu rama anu
tos ngagedekeun urang, nyakitu deui ka caroge, istri, putra, sadudulur jeung
sajabana.
Nalika wukuf
urang kedah mintonkrun kalemahan jeung kahinaan sanes rasa aing jeng gumede,
Allah mikaresep ka jalma nalika di Arafah dina kaayaan rambutna kusut, badanna
pinuh ku lebu jeung bajuna teu rapih.
Allah manggil ka
malaikat “he malaikat tingali jalma anu ziyarah ka Imah kaula, maranehna datang
ti tempat anu jauh dina kaayaan pakeanna
saayana”. Nabi negesken yen “haji teh pakean saayana teu nganggo minyak,
teu mandi jeung teu dicukur” Nabi midawuh deui yen “aranjeun kedah nganggo
pakean sa ayana jeung kudu ngagunakeun pakean anu kasar” Ieu dilakukeun supaya
ngarasa yen urang teh hina di payuneun Allah Swt.
Pikeun lalaki
wajib ngabuka baju anu di jait, teu meunang make pakean iwal ti pakean ihrom.
Lamun ngalanggar katantuan eta wajib mayar DAM. Nabi ngadawuh “urang kedah
terang yen aya tina sabagian dosa nu bakal di hampura ngan waktu wukuf arafah wungkul”, Pidawuh Rasul
“Diantara dosa gede pikeun jalma anu wukuf di arafah nyaeta goreng
sangka ka Allah yen dosana moal dihampura ku Allah”, ayena urang diparentahkeun
supaya ngalobakeun tobat jeung maca istighfar ka Allah tina kasalahan jeung
kaalfaan, Waktu ayena kasempatan pikeun ngado’a kusabab tempat eta tempat ijabah,
waktuna oge waktu anu agung, mung sataun sakali Allah marentahkeun ziarah ka
tempat eta nyaeta dina puncakna ibadah
haji.
Allahu akbar 3 X....
Sadayana anu hajian pasti ngarepkeun sangkan jadi haji anu mabrur tur maqbul, kumargi kitu
perlu aya upaya anu bener-bener supaya anu dipikaharep bisa ngawujud nyaeta
kucara :
1. Ngabersihkeun hate tina sagala kahayang dunya anu
kaleuleuwihi
2. Merangan hawa nafsu anu mawa kana kamaksiatan
3. Ngabersihkeun diri tina sagala dosa jeung kasalahan ku
cara tobat nasuha nyaeta tobat anu bener-bener tobat
4. Janji ti ngawitan poe ayeuna ngomean diri jeung taqwa
ka Allah ku cara ngalaksanakeun ajaran Islam, langkung utama masalah Iman,
Islam jeung Ihsan dumasar kana al-Qur’an, as- Sunnah, Ijma jeung Qiyas
5. Jadikeun anugrah ti Allah teh, rek harta, banda,
kaluarga, pangkat jeung jabatan kanggo kapentingan agama jeung bangsa. Kalawan
ku lima hal eta Insya Allah haji aranjeuna bakal mabrur, wasilah haji mabrur
bakal ngawujudkeun pribadi anu kuat, iman jeung taqwa anu istiqomah, sarta
nagara nu barokah.
Pidawuh Allah dina surat al-'araf 96.
ولو ان اهل القري امنوا واتقوا لفتحنا عليهم بركات من
السماء والارض ولكن كذبوا فاخذنهم بما كانوا يكسبون
artina : “ Sakirana anu nyicingan nagri iman jeung
taqwa, pasti bakal turun kaberkahan ti langit jeung bumi, tatapina seueur anu
ngadustakeun, kumargi kitu kami nurunkeun siksaan sapagodos sareng pagaweanna”
Nagara urang alamna beunghar, taneuhna subur tapi
kunaon teu acan sajahtera, kumargi
rahayatna utamina para pamingpinna teu acan iman jeung taqwa, buktina tiap poe
seueur nu malak, marake narkoba, pelecehan seksual, korupsi jeng sajabana,
samentara masjid karosong sumawonna madrasah jeung pasantren, sakola oge loba
nu rubuh kwalitasna, PHK jeung pangangguran dimana-mana. Simkuring ngarepkeun
para Hujaj tamu Allah anu mulya kin saatos uih ti Mekah jadi haji anu mabrur
sarta mampu mere kontribusi nu sae kanggo ngawujudkeun nagara anubaldatun
toyyibatun wa robbun ghofur sarta kenging panghampura Allah. Urang yakin nagara
urang bakal subur tur ma’mur pami masyarakatna jeung para pamingpinna amanah,
harepan kapayun para Hujaj sasarengan ngabangun cita-cita kamerdekaan Rebublik
Indonesia anu di pikaridho ku Allah, wasilahna gawe rancage urang dina widangna
sewang-sewangan di barung ku kaikhlasan. Sanajan urang henteu keur Haji, tapi
hatena sing saperti keur Haji, sabari urang ngado'akeun aranjeuna, mugia urang
oge kabagean barokahna tina do'na aranjeuna.
بارك الله لى ولكم بالايات
والذكر الحكيم وتقبل منا ومنكم تلاوته انه هو السميع العليم وقل رب اغفر وارحم
وانت خير الراحمين استغفر الله العظيم لى ولكم ولسائر المسلمين
Khutbah Ka 2
اَللهُ أَكْبَرُ ... X 7 اَللهُ أَكْبَرُ كَبِيْراً وَالْحَمْدُ لِلَّهِ كَثِيْراً وَسُبْحَانَ اللهِ
بُكْرَةً وَأَصِيْلاً. أَشْهَدُ أَنْ لاَ إِلَهَ إِلاَّ اللهُ وَحْدَهُ لاَ
شَرِيْكَ لَهُ وَأَشْهَدُ أَنَّ مُحَمَّداً عَبْدُهُ وَرَسُوْلُهُ، اَلْمَبْعُوْثُ
رَحْمَةً لِلْعَالَمِيْنَ. اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا
مُحَمَّدٌ وَعَلَى آلِهِ وَأَصْحَابِهِ وَمَنْ تَبِعَهُمْ بِإِحْسَانٍ إِلَى
يَوْمِ الدِّيْنِ.
أَمَّا بَعْدُ. فَيَا عِبَادَ اللهِ ... اِتَّقُوْا
اللهَ فِيْمَا أَمَرَ. وَاعْلَمُوْا أَنَّ اللهَ تَعَالَى صَلَّى عَلَى نَبِيِّهِ
قَدِيْمًا: إِنَّ اللهَ وَمَلآئِكَتَهُ يُصَلُّوْنَ عَلَى النَّبِيِّ، يَا
أَيُّهَا الَّذِيْنَ آمَنُوْا صَلُّوْا عَلَيْهِ وَسَلِّمُوْا تَسْلِيْمًا.
اَللَّهُمَّ صَلِّ وَسَلِّمْ عَلَى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ آلِ سَيِّدِنَا
مُحَمَّدٍ كَمَا صَلَّيْتَ عَلىَ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلىَ آلِ سَيِّدِنَا
إِبْرَاهِيْمَ. وَبَارِكْ عَلىَ سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ وَعَلىَ آلِ سَيِّدِنَا
مُحَمَّدٍ كَمَا بَارَكْتَ عَلىَ سَيِّدِنَا إِبْرَاهِيْمَ وَعَلىَ آلِ سَيِّدِنَا
إِبْرَاهِيْمَ فِيْ الْعَالَمِيْنَ إِنَّكَ حَمِيْدٌ مَجِيْدٌ.
اللّهُمَّ اغْفِرْ لِلْمُؤْمِنِيْنَ وَالْمُؤْمِنَاتِ وَالْمُسْلِمِيْنَ
وَالْمُسْلِمَاتِ اَلأَحْيَاءِ مِنْهُمْ وَاْلأَمْوَاتِ. اللَّهُمَّ أَصْلِحْ لَنا
دِيْنَنَا الَّذِي هُوَ عِصْمَةُ أَمْرِنا وَأَصْلِحْ لنا دُنْيَانا الَّتِي
فِيهَا مَعَاشُنَا وَأَصْلِحْ لنا آخِرَتَنَا الَّتِي فِيهَا مَعَادُنا وَاجْعَلِ
الْحَيَاةَ زِيَادَةً لنا فِي كُلِّ خَيْرٍ وَاجْعَلِ الْمَوْتَ رَاحَةً لنا مِنْ
كُلِّ شَرٍّ. اللّهمَّ أَعِزَّ الإسْلاَمَ وَالمسلمين وَأَذِلَّ الشِّرْكَ
والمشركين وَدَمِّرْ أعْدَاءَ الدِّينِ وَاجْعَلْ دَائِرَةَ السَّوْءِ عَلَيْهِمْ
يا ربَّ العالمين. اللهمَّ ارْزُقْنَا الصَّبْرَ عَلى الحَقِّ وَالثَّبَاتَ، يَا
أَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ.
Ya Allah mugi aranjeuna nu arangkat haji sing dijadikeun hajina anu mabrur, amal
ibadahna ditarima, dosana dihampura, hatena sing ikhlas, pikirannana sing
cerdas, awakna sing sehat.
Ya Allah jadikeun oge abdi sadayana rumah tangga anu
sakinah mawaddah warohmah, katurunan anu shalih jeung shalihah, tur elmuna
cukup, pangabisana loba, rizkina gampil, usahana barokah.
Ya Allah mugi maparin ka abdi sadayana boh anu nuju
Haji atawa anu di lembur sing aya dina hidayah anu leres numutkeun ajaran gusti
luyu sareng ahli sunnah wal-jama'ah, anu istiqamah dina ibadah, ikhlas dina
mayunan sagala tugasna. Sabar dina mayunan musibah, bersyukur mun kenging
nikmat.
Ya allah jadikeun nagara ieu nagara Indonesia sing
barokah, tur rakyatna sejahtra, pamingpinna adil tur amanah.
Ya Allah jadikeun abdi sadayana supados panjang yuswa
anu manfaat tur tiasa ibadah anu sampurna, mun maot sing husnul khotimah,
nyandak kalimah laailaaha illallah, sarta digampilkeun dina mayunan hisabna
sarta lebet ka sawarga jeng para ambiya, para sidiqiin, syuhada jeung
shalihiin.
Ya Allah mugi gusti ulah nyiksa ka abdi sadayana upami
abdi lepat atanapi hilap,
Ya Allah mugi ulah
maparin beban sapertos beban anu tos dipaparinkeun ka umat sateu acan
abdi sadaya.
Ya allah mugi ulah maparin kaabot anu abdi sadaya
henteu tiasa mayunana
Ya allah hapunteun
abdi sadayana tina sagala dosa anu karaos atanapi anu henteu karaos, ageung
atanapi alit, terutama dosa ibu rama abdi jeng guru-guru abdi.
Ya Allah
mugi gusti maparin rahmat ka abdi
sadayana, da gusti mah maha welas tur asih.
Ya Allah paparin panyalindungan abdi sadaya dina
tempat panyalindungan anu langsung ti gusti, panyalindungan anu teu aya deui
iwal ti panyalindungan gusti, saestuna gusti mah maha sampurna panyalindungannana,
Ya Allah bantosan abdi anu lemah ieu sangkan kiat dina
mayunan sagala tugas jeung kawajiban abdi sebagai hamba gusti.
رَبَّنَا آتِنَا فِيْ الدُّنْيَا حَسَنَةً وَفِيْ
الآخِرَةِ حَسَنَةً وَقِنَا عَذَابَ النَّارِ. وصَلِّ اللهمَّ عَلَى عَبْدِكَ
وَرَسُوْلِكَ سَيِّدِنَا مُحَمّدٍ وَعَلىَ آلِهِ وصَحْبِهِ وَسَلِّمْ وَالْحَمْدُ
للهِ رَبِّ الْعَالَمِيْنَ.
إِنَّ اللَّهَ يَأْمُرُ
بِالْعَدْلِ وَالْإِحْسَانِ وَإِيتَاءِ ذِي الْقُرْبَىٰ وَيَنْهَىٰ عَنِ
الْفَحْشَاءِ وَالْمُنْكَرِ وَالْبَغْيِ ۚ يَعِظُكُمْ لَعَلَّكُمْ تَذَكَّرُونَ
*) Pimpinan Pondok Pesantren Al-Muhajirin, Ketua
MUI Purwakarta,
Rois
Syuriah PCNU Kab. Purwakart
No comments:
Post a Comment